Selasa, 01 Mei 2012

WANGUN KECAP BASA SUNDA


Wangunan kecap aya 6 rupa :
1. Kecap asal                    4. Kecap memet
2. Kecap rajekan               5. Kecap wancahan
3. Kecap kantetan             6. Kecap rundayan
1. KECAP ASAL
Kecap asal nyaeta, kecap nu tacan diropea wangunna.
Contona : Sangu, bodas, lumpat
2. KECAP RAJEKAN
Kecap rajekan di antarana :
A. Dwipurwa.
B. Dwilingga
C. Dwisasana
D. Trilingga 
A. Dwipurwa nyaeta, kecap nu diucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagian atawa sagemblengna. Engang nu mimiti disebut dua kali.
Conto :
Tetempo, cacabok, popolotot, jrd.
Dwipurwa nurutkeun hartina :
1. Lain nu boga lalakon : 
Bubuntut
2. Nuduhkeun barang nu siga : 
Sisiku, babantal
3. Nuduhkeun alat : 
Kakait, cocolok
4. Nuduhkeun kecap semu/samar : 
Pepetek, papago, ririwa
5. Nuduhkeun kecap abstrak : 
Papayung, bebenteng, kokojo
Dwipurwa di tambah rarangken : Bisa dirarangkenan ku rarangken 
an atawa eun. Nurutkeun hartina Dwipurwa dirarangkenan kabagi jadi 6, nyaeta :
1. Leuwih ti sakali : Seuseurian, gogorowokan, totonjeran
2. Barang tironan : Momobilan, paparahuan
3. Rupa-rupa : Bubuahan, kekembangan, pepelakan
4. Babagian badan : Mumuncangan, peupeuteuyan, cacariuan
5. Mindeng makena : Sasapedahan, kakaretaan
6. Asa/rasa : Singsireuman, seuseuneuan
B. Dwilingga nyeta, nu dirajek sagemblengna kecap. Dwilingga aya 2, nyaeta :
1. Dwimurni : Kecap anu teu robah sorana
2. Dwireka   : Kecap anu robah sorana
Dwimurni contona :
- Nuduhkeun loba : Bangku-bangku, korsi-korsi
- Rupa-rupa, sarua sipatna : Amis-amis, haseum-haseum
- Lila milampahna : Mikir-mikir, nimbang-nimbang
Nuduhkeun siga : Siku-siku
- Nuduhkeun kahanjakal : Geulis-geulis, kasep-kasep
Dwireka contona :
- Nuduhkeun rupa-rupa : Unak-anik, babak-bubuk
- Leuwih ti sakali migawena : Luak-lieuk, tumpa-tempo
- Nuduhkeun leuwih ti hiji : Jul-jol, cug-ceg
C. Dwisasana nyaeta, kecap rajekan ngan nu dirajekna engang panungtung wungkul. Contona : Pudigdig, padugdug
D. Trilingga nyaeta, kecap nu disebutkeun tilu kali kalayan robah sorana. Contona : Dag-dig-dug, pak-pik-pek
3. KECAP KANTETAN
Kecap kantetan nyaeta, dua kecap atawa leuwih nu dihijikeun sarta miboga harti nu mandiri.
Kecap kantetan di bagi 2 :
1. Rakitan dalit, contona : Kacapiring, gandawesi
2. Rakitan anggang, contona : Sangu poe, dahar isuk
Nilik kana hartina kecap kantetan :
1. Nu satara (saharkat), conto : Kolot budak, gede leutik
2. Sinonim : Paksa pirusa, sugih mukti
3. Nuduhkeun bilangan : Dua welas, lima karung
4. Nuduhkeun babasan : Tiis ceuli, herang mata, laer gado
5. Nuduhkeun waktu : Salat peuting, dahar beurang
6. Nuduhkeun lantaran : Paeh ngajuru, meuli bogoh
7. Nuduhkeun di jieuna : Korsi hoe, peti beusi
8. Euweuh patalina : Panon poe, indung kesang
9. Nuduhkeun sipat : Bongkok meongeun, harigu manukeun
4. KECAP MEMET
Kecap memet nyaeta, kecap nu asalna tina hiji omongan, tuluy dicokot sawatara engangna nu dianggap penting, contona : Oncom di jero (comro), amis di jero (misro).
Tina kecap kirata, conto : Gek sor, hartina gek diuk sor disuguhan.
5. KECAP WANCAHAN
Kecap wancahan nyaeta, kecap nu asalna meunang mondokeun tina sakecap atawa leuwih tapi lain tina kalimah, conto :
- Lantaran deudeuh : Geulis jadi Lis, eulis.
- Rusuh nyebutna/gancang : Atuhda jadi atuda, tuda.
- Ngaringkeskeun kecap kantetan : Sekolah Menengah Atas jadi SMA.
6. KECAP RUNDAYAN
Kecap rundayan nyaeta, kecap asal nu dirarangkenan. Rarangken aya 4 rupa nurutkeun cara
nempatkeunana.
a. Rarangken hareup (prefiks) : 
m, n, ny, ng, pa, pi, pang, sa, si, ti, ting, di, ka, mang, ba, nyang, pra, pri, per, pada, pasa, silih, barang, contona : sabeulah,pangjajap, si godeg, jrd.
b. Rarangken tengah (infiks) : 
ar, al, um, contona : bareureum, galede, gumeulis, jrd.
c. Rarangken tukang (sufiks) : 
an, ana, eun, keun, ing, ning, contona : incuan, beurateun, alungkeun, jst.
d. Rarangken gabung (simulfiks) : 
pang-keun, di-keun, di-an, sa-eun, pi-eun, di-al-keun, pang-ar-keun, contona : Pangmesekeun, dialungkeun, jst.
Cara nuliskeun kecap rundayan, ditulisna diraketkeun jeung kecap asal, contona, di, ka : dialungkeun, dicabok, karasa, jrd.
di, ka nuduhkeun tempat, nulisna dipisahkeun jeung kecap asal, contona : 
diBandung, di imah, ka sakola, jrd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar